jieun karangan paguneman pilih ngaran kekembangan anu sakirana cocok pikeun larap keun kana paguneman
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Aya hal nu perlu dipikawanoh dina nyieun karangan paguneman tina ngaran kekembangan nyaeta naon nu dimaksud paguneman jeung naon maksudna ngaran kekembangan. Paguneman nyaeta nyarita dua arah, antar dua urang atawa leuwih, silih tempas, sarta kalimah nu digunakeun dina paguneman tinulis nyaeta kalimah langsung. Sawatara kembang miboga ngaran anu khas jeung miboga harti anu khas oge.
Pembahasan
Dina basa Sunda, sawatara kembang tutuwuhan miboga ngaran sewang sewangan. Eta ngaran kekembangan teh miboga harti anu umumna mangrupa sifat atawa kaayaan jelema. Pikeun ngajawab pananya di luhur, dihandap ieu nyaeta conto karangan paguneman tina ngaran kekembangan:
Amir : Budi kunaon maneh ngembang kadu, olohok kitu ti tatadi?
Budi : Kuring teh beuki resep wae nempo Neng Lia ayeuna mah beuki ngembang cengek bae, mencenges geulis pisan beda jeung nu sejen, tapi sabot nempo Dedi manehna teh beuki ngembang bako wae, bosongot meureun loba teuing dahar
Dedi : Budi, ari nyarita teh sing ngembang boled atuh, sing tela, sing jelas naon maksudna?
Budi : Enya Dedi, kuring mah ngan saukur heureuy, sabab heran nempo maneh ti tatadi kacirina teh ngembang laja bae, jamotrot kitu siga keur boga kasedih
Amir : Eta Budi, karunya si Dedi teh poe ayeuna mah keur ngembang awi dagangna teh, eumbreuk teu payu
Budi : Oh hampura atuh Dedi, geus ayeuna mah ulah ngembang gedang, ulah ingwang, ulah khawatir mudah mudahan isuk mah dagangan teh payu
Dedi : Enya Budi, aamiin
Di handap ieu nyaeta ngaran kekembangan nu disebut sebut dina paguneman di luhur, jeung harti eta ngaran kekembangan:
- Kembang kadu disebut olohok, olohok hartina geus jelas
- Kembang cengek disebut mencenges, mencenges hartina geulis anu beda ti nu sejenna
- Kembang bako disebut bosongot, bosongot hartina geus jelas
- Kembang boled disebut tela, tela hartina jelas
- Kembang laja disebut jamotrot, jamotrot hartina baeud
- Kembang awi disebut eumbreuk, eumbreuk hartina daganganana teu payu
- Kembang gedang disebut ingwang, ingwang hartina khawatir
Pelajari lebih lanjut
- Definisi paguneman https://brainly.co.id/tugas/712649
- Manfaat paguneman https://brainly.co.id/tugas/7146957
- Conto paguneman https://brainly.co.id/tugas/692067
__________
Detil Jawaban
Kelas : IV
Mapel : Bahasa Sunda - Komunikasi Dina Pakumbuhan
Bab : 8
Kode : 4.13.1