B. Daerah

Pertanyaan

jieun wawangsalan tina kecap: komputer, internet, motor, pulpen

1 Jawaban

  • Wawangsalan nyaeta salahsahiji rupa tina sisindiran. Aya tilu rupa sisindiran nyaeta wawangsalan, paparikan jeung rarakitan. Umpama ditilik tina eusi atawa maksudna, aya sisindiran anu eusina mangrupa piwuruk, aya sisindiran anu eusina mangrupa silihasih, jeung aya oge sisindiran anu eusina mangrupa sesebred atawa heureuy.

    Pembahasan

    Dina sapada wawangsalan aya dua padalisan. Sedengkeun dina sapada paparikan jeung rarakitan aya opat padalisan. Dina sisindiran aya bagian cangkang atawa sampiran jeung bagian eusi. Dina wawangsalan, padalisan kahiji mangrupa cangkang, padalisan kadua mangrupa eusi. Dina paparikan jeung rarakitan, padalisan kahiji jeung padalisan kadua mangrupa cangkang, padalisan katilu jeung padalisan kaopat mangrupa eusi.

    Antara bagian cangkang jeung bagian eusi aya hubungan purwakanti. Dina paparikan jeung rarakitan hubungan purwakantina bisa jelas kaciri. Sedengkeun dina wawangsalan hubungan purwakanti antara bagian cangkang jeung bagian eusi henteu sacara langsung kaciri, tapi kudu ditilik tina wangsalna. Dina unggal padalisan sisindiran biasana aya dalapan engang atawa suku kata.

    Dina wawangsalan, harti padalisan kahiji (wangsalna) murwakanti jeung salahsahiji kecap nu aya dina padalisan kadua. Di handap ieu nyaeta sawatara conto wawangsalan anu wangsalna komputer, internet, motor jeung pulpen:      

    1. Wangsalna Komputer

    Alat digawe kiwari

    nu getol mah bakal pinter

    2. Wangsalna Internet

    Sarana komunikasi

    majar keuheul ngan ngareret

    3. Wangsalna Motor

    Sapedah nu make mesin

    hayu urang sholat lohor

    4. Wangsalna Pulpen

    Alat pikeun tulas tulis

    ka kolot teh kudu geten

    Pelajari lebih lanjut

    1. Rupa rupa sisindiran https://brainly.co.id/tugas/11754912

    2. Bagian-bagian sisindiran https://brainly.co.id/tugas/12839746

    3. Contoh pantun menyindir sifat teman https://brainly.co.id/tugas/13484791

    Detil Jawaban

    Kelas : X

    Mapel : Bahasa Sunda - Sisindiran

    Bab : 9

    Kode : 10.13.9

    Kata Kunci : Wawangsalan, sisindiran, paparikan, rarakitan

Pertanyaan Lainnya